Ki Hirup, Khutbah Fenomenal Karya Abah Sepuh

Khutbah Ki Hirup menggugah jamaah untuk menguliti dosa, mengingat kematian, dan bertobat

Samaruk anjeun mah umur teu diukur, napas teu dialas, hayoh léngkah palega-lega, napsu paluhur-luhur, makmak-mekmek, pagedé-gedé hancengan, paloba-loba alas, pairit-irit bekel, paleutik-leutik timbel, marukan akuan bakal kabawa.

Baca juga:  Kisah Abah Sepuh Berguru ke Syekh Tolhah

Tungtungna Ki Hirup poho yén dirina didodoho ku maot, dintip-intip ku pati, diudag-udag ku ajal, gedigna beuki segut, sagala dipiboga, kajeun riba dapon ngeunah, kajeun haram dapon énak, kajeun nipu dapon untung, kajeun linyok dapon eusian kantong, kajeun bohong dapon pinuh tolombong, kajeun korupsi asal beuteung dieusi. Teu ngarasa yén hirup teéh sakadar pihapé. Teu inget yén napsu téh matak kaduhung, jasad anu katempuhan.

Firman Allah surat Ali Imran: 185,

وَمَا ٱلۡحَیَوٰةُ ٱلدُّنۡیَاۤ إِلَّا مَتَـٰعُ ٱلۡغُرُورِ

”Wa mal hayaataddunyaa illaa mata’ul ghuruur.”

‘Teu pati-pati aya kahirupan dunya anu teu bener anging banda panipuan.”

Ki Hirup, raja kayana tambah loba usahana tambah rongkah ngahiras ka balaréa diperes dipeureut kesangna padahal buruhan ngan saeutik teu saimbang jeung capéna, dilakonan kapaksa ku butuh. Tapi na ari geus ngumpul geus loba akuanana teu emut dibantu ku pada batur, teu ngarasa milik ti papada kaula, teu rumasa rizki asal ti Pangéran.

Ki Hirup leumpangna ngabigbrig teu rundag randeg, ambarikut ngélék ngégél, sagala dirawu dipangku ulah kasoro ku batur, teu wareg teu seubeuh, rarasaan kurang kénéh-kurang kénéh. Sajeungkal hayang sadeupa, sadeupa hayang satumbak, satumbak hayang sapal mun kongang mah sigana dunya téh diteureuy buleud.

Firman Allah Swt,

أَلۡهَىٰكُمُ ٱلتَّكَاثُرُ – حَتَّىٰ زُرۡتُمُ ٱلۡمَقَابِرَ

”Alhaakumut takaatsur hatta zur tumul maqoobir.”


Sekarang traktir Tim TQNNEWS gak perlu ribet, sat-set langsung sampe!
Terima kasih ya sudah support kami. Salam cinta penuh kehangatan :)
https://sociabuzz.com/tqnn/tribe
______
Rekomendasi